Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat Tentang Perpisahan

Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat Tentang Perpisahan Hari perpisahan sekolah merupakan salah satu hari yang sulit untuk dilupakan dan mungkin menjadi kenangan yang sulit untuk dilupakan oleh sebagian orang. pasalnya dihari itu merupakan terakhir kita berkumpul bersama teman teman, guru dan petugas sekolah dalam satu acara. Ada banyak moment yang sulit dilupakan dalam acara perpisaha, baik waktu SD, SMP maupun SMA.

Dan bagi kamu yang hidup di tatar sunda mungkin pada suatu waktu diminta berdiri di atas panggung untuk menyampaikan pidato perpisahan dengan menggunakan bahasa sunda. dan mungkin contoh pidato bahasa sunda tentang perpisahan dibawah ini dapat membantu dan menjadi referensi.

Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat Tentang Perpisahan







Assalamualaikum wr. Wb

Alhamdulillahirobbil 'alamin washolatu wassalamu 'ala asrofil anbiyai walmursalin

waala alihi wasohbihi ajma'in. Robbi Shrohli Sodri Wa Yassirli Amri Wahlul U'qdatan Militsani yapqohu qouli amma ba'du.

Langkung tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT.

Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad

SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah

taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu

ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas

Henteu karaos parantos tilu taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna

urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan

ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos

ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru

ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa,

bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan anu langkung ti gusti. Sareng nyuhunkeun ageung hapuntena ka ibu miwah bapa guru sadaya, anu mana abdi sareng rerencangan sok sering ngadamel kalepatan.

Baca juga Contoh pidato bahasa sunda

Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh aya di bangku sakola ti kelas tujuh dugi ka kelas dalapan , mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.
Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalaamu alaikum wr. wb.

Demikianlah contoh pidato  bahasa sunda yang bisa saya bagikan pada kesempatan kali ini semoga bermanfa'at bagi yang membutuhkan.